Soal UKK Kelas XI SMA / MA / SMK Bahasa Sunda Kurikulum 2013 Revisi Terbaru Semester 2 dan Kunci Jawaban
Soal UKK Kelas 11 SMA / MA / SMK Bahasa Sunda Kurikulum 2013 Revisi Terbaru Semester 2 dan Kunci Jawaban
Contoh Soal Bahasa Sunda Kelas XI Terbaru 2021
SOAL PILIHAN GANDA
1.Karya sastra anu lobana opat jajar, diwangun ku cangkang
jeung eusi disebutna ....
a)paparikan
b)sisindiran
c)tatarucingan
d)rarakitan
e)wawangsalan
2.Ieu dihandap anu henteu kaasup kana ciri - ciri novel,
nyaeta ....
a)karangan non fiksi
b)tokohna loba
c)alurna panjang
d)latarna laluasa
e)eusi caritana nyaritakeun kahirupan sapopoe
3.Dumasar kana sipatna, sisindiran teh bisa dibedakeun jadi
tilu rupa, nyaeta ....
a)cangkang, eusi,wangsal
b)paparikan, rarakitan, wawangsalan
c)wawangsalan, tatarucingan, paparikan
d)piwuruk, sesebred, silihasih
e)tatarucingan, wawangsalan,rarakitan
4.ieu di handap henteu kaasup kecap nu dirarangkenan tengah
-al, nyaeta.....
a)lalucu
b)lalulus
c)lalogor
d)baleunghar
e)balantik
5.Teks:Mawa peti dina sundung,dibawa ka Nusa Jawa.Pangarti
teu beurat nanggung,kabisa teu beurat mawa.
Sisindiran diluhur kaasup kana wanda ....
a)teteguhan
b)rarakitan
c)paparikan
d)wawangsalan
e)tatarucingan
6.Di handap ieu mana anu teu ka asup unsur biantara ...
a)bubuka
b)salam
c)titi mangsa
d)panutup
e)eusi
7.pikeun nanyakeun 'kaayaan' ilaharna digunakeun kecap
pananya....
a)naon sabab
b)kumaha
c)naon
d)naha
e)mana
8.Pikeun nanyakeun "kaayaan" biasana digunakeun
kecap pananya ....
a)mana
b)kumaha
c)naha
d)naon
e)naon sabab
9.naskah siaran teu meunang ngahina sual SARA. ieu dihandap
anu lain panjangna tina SARA, nyaeta....
a)antargolongan
b)rasa
c)ras
d)suku
e)agama
10.Jalma anu ahli biantara disebut ...
a)orator
b)doktor
c)operator
d)khatib
e)profesor
11.Kalimah ieu dihandap anu ngandung kecap rajekan dwireka,
nyaeta .....
a)dangdaunan aroyag katebak angin
b)guru-guru karumpul di lapangan Gasibu
c)buah dipipir imah teh plak-plik-pluk raragragan
d)hayam jago keur papacok deukeut wadah runtah
e)manehna poe kamari bulak-balik Bandung – Jakarta
12.Teks:Pikasureun di jarumat,jarumna harga
sasenan.Saluhureun kudu hormat,......................................
Ungkara anu merenah keur ngalengkapan sisindiran di luhur,
nyaeta ....
a)dulur baraya agehan
b)hubungan dihargaan
c)sasama kudu ajenan
d)sahandapeun diajenan
e)kaluwarga kudu ajenan
13.Omongan dua jalma atawa leuwih nu silih tempas, biasa
disebut ....
a)deskripsi
b)epilog
c)prolog
d)monolog
e)dialog
14.Karangan rekaan dina wangun lancaran (prosa fiksi) anu
panjang tur alur caritana ngarancabang (kompleks) disebut ....
a)hikayat
b)cartibag
c)carpon
d)dongeng
e)novel
15.Ieu dihandap aya wawangsalan: Bibika tipung tarigu,ku
engkang henteu kaharti.
wawangsalna, nyaeta .....
a)bibika
b)ku engkang
c)kaharti
d)tipung
e)roti
16.iber perkara hiji kajadian atawa hiji hal,boh sawanga boh
pamadegan, dumasar kana kanyataan, disebut......
a)warta
b)bewara
c)iklan
d)amanat
e)medsos
17.Dina tradisi masarakat Sunda beh ditu, jalma nu ngatur
cai disawah disebutna ....
a)ulu-ulu
b)lebe
c)irigasi
d)mantri cai
e)panghulu
18.Ieu di handap kecap-kecap sipat anu boga harti lalawanan
langsung, iwal ....
a)jangkung >< pendek
b)gendut >< begang
c)luhur >< handap
d)panjang >< pondok
e)buleud >< pasagi
19.Novel munggaran dina sastra Sunda, nyaeta ....
a)Gogoda ka Nu Ngarora karya M.A. Salmun
b)Lain Eta karya Moh. Ambri
c)Baruang ka nu Ngarora karya D.K. Ardiwinata
d)Pangeran Kornel karya R. Memed Sastrahadiprawira
e)Pipisahan karya R.A.F
20.Biasa deukeut jeung mejaSukuna opat di sisiwangsalna naon
....
a)lamari
b)ranjang
c)risbang
d)bangku
e)korsi
21.Kecap pananya nu gunana pikeun nanyakeun kaayaan nyaeta
... .
a)jeung
b)kumaha
c)naon
d)dimana
e)iraha
22.Bubuka biantara ilaharna di eusi ku ... .
a)pasualan-pasualan nu dihareupan
b)hareup hareupan ka panitia
c)tujuan biantara
d)kondisi nu lumangsung di masarakat
e)kaayaan audien
23.Teks:Sae nu jadi
kapala,.............................Diasupkeun ka sakola,banda nu leuwih ti
harta.
Ungkara anu merenag keur ngeusian jajaran kadua, nyaeta ....
a)menak nu ka Purwakarta
b)urang nu jadi siswa
c)Banda Aceh di Sumatra
d)Selat Sunda Jawa-Sumatra
e)wakilna mah saha wae
24.Lentong kalimah anu salah sahiji engangna dikedalkeun
luhur-handap tur panjang-pondok, disebutna aksen ....
a)situasional
b)dinamis
c)lokatif
d)temporal
e)tonis
25.anu disebut lead dina warta, nyaeta
a)waruga warta
b)bubuka warta
c)nu nulis warta
d)judul warta
e)pamungkas warta
26.tulisan ngeunaan kahirupan saurang jalma, disebutna.....
a)geografi
b)paleografi
c)biografi
d)monografi
e)leksikografi
27.Kagiatan nyarita di hareupeun balarea pikeun nepikeun
hiji maksud atawa informasi anu penting, disebutna ....
a)sawala
b)kampanye
c)biantara
d)ceramah
e)hutbah
28.Kecap sipat dina basa sunda nu bisa dituturkeun ku kecap
katerangan sipat,iwal....
a)hideung cakeutreuk
b)bereum euceuy
c)poek mongkleng
d)ipis nyepring
e)hejo carulang
29.Ieu di handap anu henteu kaasup kana gaya biantara,
nyaeta lagam ....
a)konversasi
b)religius
c)akurasi
d)didaktikagiator
e)agiator
30.Ieu di handap eusi bagean bubuka tina biantara, nyaeta
nepikeun ....
a)ucapan dunga
b)ucapan hatur nuhun
c)muji sukur ka Gusti Alloh swt
d)ucapan menta dihampura
e)salam pangwilujeng
KUNCI JAWABAN
1. b
2. b
3. b
4. e
5. c
6. c
7. b
8. b
9. b
10. a
11. e
12. e
13. e
14. e
15. e
16. b
17. a
18. c
19. c
20.
21. b
22. d
23. b
24. d
25. d
26. c
27. c
28. c
29. c